MANUK DADALI
mesat ngapung luhur jauh di awang awang
meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
kukuna ranggoas rejeung pamatuk na ngeluk
ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
saha anu bisa nyusul kana tandangna
tandang jeung panentang taya bandinganana
dipikagimir dipika serap ku sasana
taya karempan leber wawanena
ref:
manuk dadali manuk panggagahna
perlambang sakti indonesia jaya
manuk dadali pangkankon carana
resep ngahiji rukun sakabehna
hirup sauyunan tarapa hiri hiri
silih pikanyaah teu inggis bela pati
manuk dadali ngandung siloka sinatria
keur sakumna bangsa di negara indonesia
cipta ~ sambas mangundikarta

Tidak ada komentar:
Posting Komentar